Contoh Biantara Bahasa Sunda Tentang Kesehatan dan Pendidikan Singkat

Contoh biantara singkat umumnya diperlukan untuk orang-orang yang sedang belajar biantara, pelajar yang mendapat tugas sekolah, atau orang yang mendapat tugas untuk berpidato dalam bahasa sunda.

Sebelumnya saya akan membahas terlebih dahulu beberapa hal penting mengenai biantara. Bagi kalian yang langsung ingin mencari biantara dengan tema tertentu, silahkan langsung scroll ke sub judul dibawah.

Pengertian Biantara

Biantara nyaéta hiji kedalan jeung susunan anu alus pikeun ditepikeun ka jelema loba (sumber: wikipedia). Biantara ogé ngandung harti nyarita di hareupeun balaréa dina raraga nepikeun informasi atawa hal-hal penting pikeun dipikanyaho ku batur. Biantara umumna ditepikeun dina acara-acara resmi.

Struktur Biantara

Sakumaha pidato dina umumna, biantara kudu disusun ku struktur nu saé sangkan eusi jeung informasi nu baris di caritakeun merenah katampina ku audience. Struktur dina biantara ntaéta:

Bubuka, biantara dimimitian ku salam bubuka, dilajengkeun ku muji Alloh SWT, sholawat ka Nabi Muhamma SAW, sarta nyambut atawa ngutarekeun hormat ka tamu undangan khusus anu ngahadiran acara. Béjakeun ogé jéjér atawa téma a u rék ditepikeun, sarta ngenalkan saha diri urang ka tamu anu hadir.

Eusi, nyaéta struktur biantara anu ngajelaskeun maksud atawa informasi nu rék ditepikeun. Basa nu dipaké kalawan singget padet, babari kaharti ku saha wae nu ngaregepkeun kana éta biantara.

Ulah nepika eusi biantara kur di pikaharti ku sawaréh hadirin, sahingga maksad utami tina biantara teu tiasa di dugikeun.

Panutup, pamungkas biantara anu eusina kacindekan tina eusi biantara, saran-saran, panyuhunan hampura bilih aya kalepatan, sarta dipungkas ku doa atanapi salam panutup.

Métodé Biantara

Aya sababaraha métodé dina palaksanaan biantara. Métodé anu dilaksanakeun disesuaikeun jeung kaayaan jeung kabutuhan dina waktosna. Di handap ieu 4 métodé anu biasa dipaké nalika nepikeun biantara.

Métodé Impromtu

Impromtu atawa ngadadak nyaéta métodé biantara anu dilakukeun sacara ngadadak teu aya sasadian ti mimitina. Biasana métodé biantara ieu dilaksanakeun lantaran jalma anu geus ditangtukeun ti anggalna ngadadak teu bisa hadir. Sahingga biantara dilakukeun ku jalma séjén.

Métodé Naskah

Métodé naskah biasana dilakukeun kanggo ngajelaskeun panyataan-panyataan resmi. Biantara ngagunakeun naskah biasana dipraktékkeun dina poé ngingetan hari gedé nasional, upacara ngaresmikeun jawatan atawa tempat, sarta acara resmi séjen.

Métodé Ékstémporan

Nyaéta biantara anu dilaksanakeun teu ngagunakeun naskah biantara sacara kasuluruhan. Ngan nu ngucapkeun biantara ngadamel rarancangan eusi biantara. Métodé biantara ieu biasana digunakeun ku jalma anu tos pangalaman. Métodé ieu tiasa ngawangun kaayaan panyarita jeung pirsawan anu langkung kondusif.

Metodé Ngapalkeun

Dina métodé naskah, panayarita biantara kedah nyiapkeun waktos kanggo nyusun, nulis naskah, tuluy ngapalkeunana.

Métodé ieu biasana dilakukeun ku jalma anu bener-bener nguasai téma, atawa murid sakola anu ditugaskeun ku guruna sangkan ngalakukeun biantara teu maké naskah. Biasana métodé ieu ogé dilakukeun nalika aya lomba biantara.

Contoh Bubuka Biantara

Assalamuálaikum wr. wb.

Langkung tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puja sinareng puji ka hadirat Alloh SWT, anu parantos masihan urang sadayana kasempetan tiasa kempel di tempat ieu sangkan ngahadiran acara paturay tineung kelas 6 anu diatos-antos ku urang sadayana.

Bapa Kapala Sokola miwah Bapa sareng Ibu Guru anu ku simkuring dipihormat.

Kitu deui ka sadaya bapa-bapa sareng ibu-ibu anu ku simkuring dipihormat.

Teu hilap ka sakumna réréncangan sakola sadayana anu dipikacinta.

Simkuring ngadeg dina ieu tempat, simkuring badé msihan sapatah dua patah kata dina raraga paturay tineung kelas 6 MI An-Nidhomiyah ieu.

Sateuacana, solawat sinareng salam hayu urang curah limpahkeun ka jungjunan alam. habibana wa nabiyyana Muhammad saw.

Ka sahabatna, tabi’in dugika tabiut tabi’in, sarta mudgi-mugi safaatna dugi ka urang anu janten ummatna, Aamiiin.

Contoh Eusi Biantara


Bapa sareng ibu guru, sarta wali murid anu ku simkuring dipihormat. Réréncangan kelas 6 sarta adi kelas 1 dugi ka 5 nu ku simkuring dipikacinta. Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas 6.

Seja ngadugikeun katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Genep taun anu teu karaos simkuring saparakanca diatik dididik sagalaning élmu pangaweruh anu teu kinten seeurna.

Simkuring saparakanca sadar, yén salami 6 taun lamina tangtos seeur parih polah kalakuan anu teu merenah kana haté bapak-ibu guru sadayana.

Kumargi kitu, simkuring atas nami siswa kelas 6 MI An-Nidhomiyah nyuhunkrun seeur-seeur hapunten. Ka réngréngan guru’wali murid, sarta adi kelas upami aya kalepatan ti abdi sareng rerencangan kelas 6 nyuhunkeun dibukakeun panto hampura salega-legana.

Kalih ti éta, sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru, sarta ka wali murid sarta rerencangan kelas 1 dugi ka 5 sadayana.

Nyuhunkeun piduana supados tiasa neraskeun sakola saluhur-luhurna. Ngalajengkeun sakola ka SMP, SMA, malihan dugika bangku kuliah. Kitu ogé ka adi-adi kelas sadayana nu taun ieu insya Alloh naék kelas, ulah hilap sing getol dina diajarna. Sing taat ka bapa ibu guru, sarta bakti ibu rama di bumi.


Contoh Panutup Biantara

Bapa, ibu guru, sarta sadayana nu parantos nyempetken waktos kanggo hadir dina acara ieu. Simkuring ngahaturkeun nuhun nu saageung-ageungna.

Simkuring ngaraos bingah ieu acara paturay tineung dihadiran ku sadayana jalmi nu kalintang seeurna.

Sakali deui simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana. Sakitu katineung ti sim kuring, hapunten bilih aya seeur kalepatan tina basa sarta cara.

Subhanakallohumma wa bihamdika asyhadu allaa ilaaha illaa anta astagfiruka wa atuubu ilaik.

Wassalamuálaikum wr. wb.

Contoh Biantara Singkat Tentang Kesehatan

Bubuka

Assalamuálaikum wr. wb.

Bapa ibu guru nu dipihormat, rerencangan kelas 11 nu dipikacinta.

Langkung tipayun mangga urang sanggakeun puja sinareng sukur ka Alloh SWT nu parantos maparin nikmat sehat, nikmat iman, sarta nikmat Islam ka urang sadayana. Nikmat nu moal aya duana, nu teu dipaparinan ka sadaya manusa nu aya di alam dunya.

Eusi

Dina kasempetan ieu, simkuring wasiat ka diri kuring khususna. Umumna ka bapa ibu, rerencangan sadayana sarta sadayana nu hadir dina ieu tempat.

Abdi badé ngadugikeun pentingna hirup séhat kanggo kahirupan urang sadayana. Urang sadayana wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Urang sadayana kedah ngiring aktif dina ngajaga kabersihan lingkungan. Ningkatkeun kasadaran dina ngajaga kabersihan raga urang sadayana. Miceun runtah di tempatna, mineng nyapu ngabersihkeun rorompok, sarta ngajaga kabersihan diri saperti ibak sareng nyikat waos sing rutin.

Silih ingetan upami aya jalmi sanés nu lalawora dina miceun runtah. Ulah nepika alam dunya nu dititpkeun ka urang sadyana salaku manusa nu disebat kholifah fil ardi, urang sadayana teu ngalaksanakaeun amanah ti Alloh SWT sakumaha mustina.

Kukituna, hayu urang tingkatkeun kasadaran urang sadayana dina ngajaga kaséhatan. Sabab nikmatna séhat bakal karasa nalika urang gering atawa kirang séhat. Hayu urang sami-sami ningkatkeun kasadaran urang kana kaséhatan ku ningkatkeun tingkah polah urang anu ngarah kana kabersihan.

Panutup

Rupina sakitu baé nu kapihatur ti simkuring. Pamungkas ti abdi, upami aya lepatna nyuhunkeun dihapunten. Upami aya leresna mugia aya manfaatna kanggo urang sadayana. Hatur nuhun kana sadaya perhatosanana.

Wassalamuálaikum wr. wb.

Contoh Biantara Sunda Tentang Pendidikan

Bubuka

Assalamuálaikum wr. wb.

Alhamdulillahilladzii hadaanaa li haadzaa wamaa kunnaa linahtadiya laulaa an hadaanalloh. Asyhadu allaa ilaaha illalloh, wa asyhadu anna muhammadan ábduhu warosuuluh.

Tipayun manggga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka Alloh SWT. Nu man ku rohman sareng rohimna, urang sadayana tiasa kempel ngariung di tempat ieu dina kaayaan séhat wal afiat.

Hadirin sadayana anu ku simkuring dipihormat. Simkuring ngadeg dideu janten wawakil ti sakola MI An-Nidhomiyah Cibeber kanggo nyampeiken biantara ngeunaan pendidikan. Ku jaman nu modern sapertos ayeuna, seeur média sosial anu ngarobah kabiasaan jalma jaman ayeuna.

Eusi

Biasana waktos diséépkeun ku maca buku, janten macaan status nu teu puguh eusina. Tambih seeur barudak ngora nu nyeé’pkeun waktuna kanggo hal-hal nu aya manfaatna, ngan teu acan tiasa ngamanfaatkeun sakumaha mustina. Seeur barudak sakola anu teu resep deui kana maca buku. Mangkaning, buku mangrupa kocina élmu.

Henteu salah gaduh fb, twitter, boh lianna. Ngan urang sadaya kedah tiasa ngimbangan naon manfaat sareng mudorotna. Dina yuswa anu masih ngora kénéh ieu, hayu urang manfaatku maca buku, maca buku, maca buku. Sabab pendidikan mangrupa tabungan urang kanggo ngaraih kasuksesan.

Lir ibarat paribasa sunda, ulah di engké-engké bisi jadi bangké. Hayu urang magfaatkeun waktos ngora urang ieu ku saenyana, samaksaimalna, sangkan tiasa ngalakonan hirup anu langkung saé engkin dina waktosna.

Sakali deui simkuring ngahimbau ka réréncangan sadayana, hayu urang bener-bener dina diajar. Teu isinan dina tataros ka guru, teu telat atawa ngalénglékeun dina ngerjakeun tugas. Sarta teu heureuy waktos diajar di kelas.

Panutup

Sakitu anu ka pihatur ti simkuring. Upami aya lepatna nyuhunkeun seeur-seeur dihapunten. Sabab abdi ogé masih kénéh dina rarara diajar. Mugi-mugi naon nu kaluar tina létah simkuring nembé, sakecap dua kecapna aya manfaatna kanggo urang sadayana.

Wassalaamuálaikum wr. wb.

Biantara Bahasa Sunda Tentang Perpisahan

Bubuka

Assalamuálaikum wr. wb.

Alhamdulillahirobbil álamin, wassolaatu wassalaamu álaa asrofil anbiyaai walmursalin waálaa aalihi wasohbihi wasallim.

Pertami-tami anu langkung utami, hayu urang manjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Alloh swt. Zat anu parantos maparinan urang sadayana kaséhatan sarta yuswa sahingga urang sadayana tiasa ngariung mungpulung di tempat ieu dina acara paturay tineung kelas 12 SMk As-Shiddiqin.

Bapa ibu guru anu ku simkuring dipihormat, komite sakola sarta réngréngan staff tata usaha anu ku simkuring dipihormat. Teu hilap ka bapa ibu wali murid nu ku simkuring dipihormat. Réréncangan saantragan, sarta adi kelas 10 sareng 11 nu ku simkuring dipikacinta.

Eusi

Teu karaos, 3 taun waktos nu moal tiasa digentos. Waktos urang sadayana diajar sasarengan, gumbira sasarengan, sarta kuciwa sasarengan.

Waktos urang diajar di ieu sakola parantos réngsé. Ayeuna waktosna urang sadayana ngabuktoskeun naon anu ku guru urang sadayana ajarkeun di sakola ieu kanggo mraktékkeunana di lingkungan masyarakat.

Sabab éta mangrupa pembuktosan suksés henteuna, leres henteuna urang diajar di sakola ieu. Seeur kalepatan ti abdi sadayana ka bapa ibu guru, ogé ka adi kelas sadayana. Ku kituna, dina kasempetan ieu simkuring salaku wawakil ti kelas 12 nyuhunkeun dihapunten tina sadaya kalepatan.

Salajengna, simkuring saparakanca ogé nyuhunkeun duá ti bapa ibu rerencangan sadayana. Pamugi abdi saparakanca sing dijantenkeun jalmi anu manfaat kanggo agama, masyarakat, tur bakti ka nu janten sepuh utamina. Langkung deui tiasa ngabagiakeun ka guru, sarta réréncangan sadayana. Aamiin.

Panutup

Sakitu ti abdi salaku wawakil ti rerencangan kelas 12 sadayana. Upami seeur kirangna neda dihapunten. Upami aya kasalahan dina kecap atanapi kirang merenah kana manah éta samata-mata ti kakhilafan simkuring. Upami aya leresna éta mung ti Alloh SWT. Akhirul kalam, wassalaamuálaikum wr. wb.

Upami aya anu badé ngalereskeun atanapi nambihan, diantos pisan dina kolom koméntar. Upami hoyong di pangdamelkeun tulisan nganngo basa Sunda, mangga request dina komen. Hatur nuhun kana perhatosanana.

Contoh Biantara Bahasa Sunda