Ceramah Bahasa Sunda Tentang Ilmu Serta Teks Pembukaannya

Ada banyak teks ceramah bahasa sunda yang bisa dijadikan contoh untuk ceramah. Temanya bisa tentang fiqih, hadits, tafsir, dan sebagainya. Kali ini saya akan membagikan artikel tentang ceramah bahasa sunda. Lengkap dengan bagian-bagian ceramah seperti pembukaan, isi bahasan, dan penutupan. Berikut ini salah satu contoh ceramah bahasa sunda dengan tema ikhlas.

Salam Pembukaan Teks Ceramah Bahasa Sunda Tema Ikhlas

Assalamuálaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh.

Alhamdulillahirobbil álamin, wa bihii nastaíinu álaa umuurid dunya waddin. Assholaatu wassalaamu álaa ashrofil anbiyaai walmursaliin, wa ála aalihi wa sohbihi ajmaín.

Pertami-tami anu langkung utami, hayu urang sadayana manjatkeun puja sinareng puji kahadirat Alloh SWT, nu mana ku rohmat sareng pitulung ti Anjeunna urang tiasa kempel ngariung di haflah mubarokah ieu dina raraga tolabul ilmi.

Sholawat sinareng salam mugia di curah limpahkeun ka jungjunan urang sadayana habibana wa nabiyyana Muhammad SAW, ka para sohabatna, kulawargana, ogé mugia dugi ka urang salaku ummat mantenna.

Simkuring ngahaturkeun nuhun ka pangatur acara anu parantos masihan simkuring kanggo ngiring cumarios di tempat anu mulia ieu. Mugi-mugi dongkapna urang sadayana kana pangaosan ieu aya dina rohmat sareng karidhoan ti Alloh SWT. Kalawan tiasa janten amal ibadah kanggo urang sadayana, aamiiin ya robbal álamiiin.

Materi Pembahasan

Dina kasempetan anu mulia ieu, simkuring bade ngaoskeun perkawis Ikhlas. Ikhlas sacara bahasa hartosna bersih, hérang, murni teu aya campuran nu séjén. Sacara istilah ikhlas hartosna hiji ábid atawa hamba anu ngalaksanakeun hiji pagawéan kur samata-mata kanggo ngadékétkeun diri ka Alloh SWT.

Hartosna, ikhlas mangrupa hiji amalan anu henteu miharepkeun babales ti makhluk. Komo deui bari hayang dipuji atawa riyá, sumáh atawa hayang didéngé ku batur. Sabalikna tina ikhlas nyaéta riyá, numana hiji jalam ngalaksanakeun hiji amalan atanapi perbuatan kusabab hayang buruh, hayang balesan ti makhluk lain ti Alloh SWT.

Upami ningali kana parumpaan, ikhlas téh lir ibarat surat Al-ikhlas. Naon maksadna? Dina surat Al-ihlas nu mangrupa surat nu ka 112 dina Al-Quran, teu aya kecap ikhlas dina surat éta. naon maksadna? Maksadna yén nu namina ikhlas mah tara disebut-sebut kecapna.

Inti Pembahasan

Salah sahiji conto upami urang ngalaksanakeun hiji amalan anu di dasaran ku kaikhlasan, nyaéta urang teu nyebatkeun kecap ikhlas. Sodaqoh, nya sodaqoh. Tahajud, nya tahajud pék pigawé. Ulah nepika kaluar kecap: “yeuh, urangmah kamari méré sodaqoh ka si A Rp 10.000. Rosululloh SAW ngadawuh: “sing saha jama anu diajar hiji elmu, nu kuduna miharepkeun karidhoan Alloh SWT, nanging maksadna karah keur meunang ganjaran ti jalma, mangka manéhna moal ngangseu kana seungitna surga dina poé kiamat.” (HR. Abu Dawud, Ibnu Majah jeung Ahmad).

Kitu ogé dina sagala amalan anu kalebet dakwah, lamun hente ikhlas bisa matak jalma nu ngalaksanakeunana lain meunang pahala tapi karah meunang dosa.

Kesimpulan Pembahasan

Tina naon anu parantos dibahas ngeunaan ikhlas tadi. Simkuring wasiat ka hadirin umumna, khususna ka diri simkuring pribadi. Hayu urang sami-sami ngalaksanakeun hiji amalan kusabab ikhlas lillahi taála. Sabab éta nu mangrupa jalan ditampina amal urang saréréa.

Sabab cilaka upami urang ngalaksanakeun amalan lain lantaran ikhlas karna Alloh. Upami ceuk istilah sundamah, capé gawe teu ka paké. Geus sodakoh, geus haji, sholat, ngan niatna karna hayang dipuji ku jelma mangka manéhna moal menang ganjaran ti Alloh SWT.

Penutupan

Sakitu baé anu ka pihatur ti simkuring, mudah-mudahan aya ibroh kanggé urang sadayana. Umumna ka nu nguping kana ieu pangaosan, umumna kanggo diri kuring pribadi anu ngaoskeunana.

Upami aya lepat éta samata-mata ti kabodaoan simkuring anu masih kénéh diajar masalah agama. Mugi-mugi dihapunten ku Alloh SWT. Upami aya leresna éta samata-mata mung titpan gusti Alloh SWT nu ngaliwatan létah simkuring.

Subhaanakallohumma wa bihamdika asyhadu allaa ilaaha illaa anta. Astagfiruka, wa atuubu ilaik. Wassalamuálaikum warohmatullohi wabarokaatuh.

Rupina sakitu baé kanggo cutatan nu nganggo téma “teks ceramah bahasa sunda” ieu. Mugi-mugi aya manfaatna kanggo sadayana. Hapunten upami seeur kalepatan dina perkawis panulisan atanapi basa sunda nu kirang leres. Diantos masukanana kanggo saling ngingetan dina kasalahan.

Ceramah Bahasa Sunda